Loading

Sisindiran HSN 2025


Penulis: Budi SDM
1 Bulan lalu, Dibaca : 128 kali


Budi SDM

Ku Budi SDM

 

Neng Ajeng ti Sukamentri

Di sarengan ku Pa Heri

Wilujeng miéling poé santri

Mugia berkah kanggo negeri

 

Aya kitri dina kiara

Dicandak ka Sukadana

Santri téh asét nagara

Kedah dimumulé ku sadayana

 

 Aya menteri ka Singaparna

Dikawal ku duaan

Jasa santri taya tandingna

Dina ngahontal kamerdekaan

 

Sholat Isya sareng Pa Harja

Imamna haji Heri

Manusa sholéh jadi bagja

Éta téh aya di diri santri

 

Ngala saledri ka Ciarileu

Dijualna ka Cipari

Poé santri taun ieu

Mugia jadi pamatri nagri

Tag : No Tag

Berita Terkait